Universitas Djuanda

UNIVERSITAS DJUANDA

Bogor
  • Enter Slide 1 Title Here

    This is slide 1 description. You can replace this with your own words. Blogger template by PremiumBloggerTemplates.com...

  • Enter Slide 2 Title Here

    This is slide 2 description. You can replace this with your own words. Blogger template by PremiumBloggerTemplates.com...

  • Enter Slide 3 Title Here

    This is slide 3 description. You can replace this with your own words. Blogger template by PremiumBloggerTemplates.com...

Sunday, 25 March 2018

March 25, 2018 Posted by Hesty Wahyu No comments

A.    Kawih


1.      Wangenan


Nalika ngareungeu pangajaran ngeunaan kawih, tangtu ahirna kudu apal jeung bisa ngabedakeun antara kawih jeung kasenian sejenna. Saperti kakawihan, pupuh, jeung pupujian. Kawih nyaeta Rakitan basa anu di tulis ku para pujangga (seniman) sabangsa dangding anu hente make patokan pupuh sarta miboga birama anu ajeg ( angger )[1]. Dina Kamus Umum Basa Sunda (KUBS, 1995) wangenan kawih nyaeta rakitan basa sabangsa dangding nu teu make patokan pupuh. Kawih teh lalaguan Sunda bebas, anu henteu kauger atawa kaiket ku aturan, boh laguna, boh rumpakana. Lalaguan pop Sunda karangan Nano S, Doel Sumbang, atawa nu sok dihaleuangkeun ku seniman calung Hendarso, eta teh lagu kawih.

Kawih teh asal kecapna tina kavy ( kawi ). Ngawih nyaeta ngalagukeun kawih atawa sisindiran jeng saterusna iwal ti pupuh. Lirik lagu dina kawih disebut rumpaka. Kawih nu medalna kabaheulaan, rumpaka kawih na teh sok nyokot tina wangun sajak atawa puisi. Biasana kawih sok dipirig ku gamelan. Nada anu digunakeun dina kawih nyaeta nada pentatonic, anu patokanana dumasar kana da-mi-ti-la-da.

Dina kandaga kabeungharan seni sora sunda aya kawih anu pirig ku waditra aya oge nu ditambul bae. Prirganana bisa ku klining, degung, kecapi, calung, angklung, malah tiasa ku alat musik modern oge. Kawih bagian tina kasenian sunda nu diwangun ku dua unsur, nyaeta unsur seni musik jeung unsur seni sastra. Unsur seni musik nu ngalahirkeun lagu, nada jeung wirahma nu fungsina pikeun pamirig. Unsur seni sastra mangrupa rumpaka atawa lirik laguna. Tangtu bae dina pangejaan basa mah leuwih muser kana unsur sastrana, nyaeta rumpaka kawih kaasup kana puisi.

Rumpaka atawa lirik lagu teu lepas tina unsur:

a.       Pilihan kecap (diksi)

b.      Purwakanti

c.       Gaya basa

d.      Tema

e.       Amanat

f.        Eusi carita

Analisis kawih dina tambahana sastra sunda, ngawengku unsur-unsur :

a.       Tema

b.      Amanat

c.       Parafrase rumpaka kawih

Conto kawih : Demi Wanci, asih abdi, mupu kembang

     ASIH ABADI

Sajuringkang lemah putih

Tatapakan ngeuret getih

Nyadidinya awor asih

Neunden harepan nyeungcem angkeuh

Dina galindengna kawih

Asih tumekaning batin

Nyaah nyaah tinandung na nyawa

Demi lautan katut ombakna

Demi daratan katut gunungna

Ditapel wates ngajadi

Ngajalan jati waruga



2.      Tujuan


Tujuan kawih nyaeta diantarana ningkatkeun daya apresiasi seni masyarakat ka kawih sunda kangge ngangkat jati diri sajajar jeung karya seni lainna.



3.      Macem-macem


a.       Kawih buhun atawa kawih tradisional nyaeta kawih jaman baheula, contona “Banjar Sinom”

b.      kawih jaman jepang nyaeta kawih anu di ciptakeun pas jaman panjajahan jepang. Contona “es lilin”

c.       kawih wanda anyar nyaeta kawih jaman ayeuna atawa modern. Contona : “mojang priangan”

B.     Kakawihan


1.      Wangenan


Kakawihan asal kecapna tina kawih, nu hartina rakitan basa sabangsa dangding nu teu make patokan pupuh. Ngawih nyaeta ngalagukeun kawih atawa sisindiran. Ieu kabangkitan teh ka asup sastra buhun, gelarna dina sastra Sunda mangrupa sastra sampakan. Tapi nu boga kakawihan teh lain ngan ukur urang Sunda wae, unggal seler bangsa oge miboga kakawihan sewang-sewangan. Kawih kaasup sastra lisan, simebarna tatalepa sacara turun-tumurun di lingkungan masarakat. Ku kituna kakawihan sering disebut sastra balarea. Kakawihan lain ngan saukur dipake bari ulin, tapi oge sok dipake bari digawe.

Kiwari kakawihan dihartikeun lagu-lagu nu sok dinyanyikeun ku barudak bari ulin, nepi ka sakapeung sok disebut kakawihan barudak atawa kaulinan barudak. nyebutkeun lagu rahayat, hartina lagu jeung lirikna geus baku, sifatna anonim, jeung nyebar ti jaman baheula. Kakawihan mangrupa tina folklore, ku kituna tina ciri-ciri folklore dipimilik oge ku kakawihan, diantarana:

a.       Sumebar jeung diwariskeun sacara lisan.

b.      Sifatna tradisional, nyebarna angger diantara kelompok anu tangtu.

c.       Aya varian jeung versi, kajadian poho jeung interpolasi sok nimbulkeun bedana teks. Ku kituna sakapeung teksna sok beda wirahmana sarua, atawa wirahmana sarua teksna nu beda.

d.      Umumna anonym.

e.       Miboga rumus jeung pola.

f.        Polos jeung lugu, sakapeung jiga kasar jeung spontan[2]

2.      Tujuan


Kakawihan digunakeun jang kaulinan barudak, misalna dipake jang ngamimitian kaulinan barudak, nangtukeun saha anu pangheulana menang giliran maen. Kanggo mere nasehat ka barudak, oge dipake kanggo mepelingan barudak liwat kaulinan.

3.      Macem-macem


a.       Kakawihan pikeun kaulinan

Kakawihan nu dipake dina ngamimitian kaulinan diantarana : Cing ciripit, Dal del dol, jeung Hompimpah. Kakawihan sapanjang kaulinan : Aanyaman, Ambil-ambilan, Ayang-ayang Gung,  Babagongan, Cingcangkeling, Eundeuk-eundeukan, jeung sajabana.

Cingcangkeling

Cingcangkeling

Manuk cingkleng cineten

Plos ka kolong

Bapa Satar buleneng



Cingcangkeling teh nyaeta kawih paranti milang samemeh barudak ulin ucing-ucingan. Samemeh prung sok dikawihan heula ku saurang



b.      Kakawihan pikeun numuwuhkeun sumanget digawe diantarana : Mars Siliwangi.



Mars Siliwangi


Paduli teuing

Kuring keur ngabagong

Nu narenjokeun ulah rea omong

Kieu so teh miceun tineung

Lamun prung mah moal ke eung

Pasukan Siliwangi

Sa eutik geu mahiv



c.       Kakawihan pikeun mepende, diantarana : Nelengnengkung, ayun ambing, Pat Lapat, jeung sajabana.





Ayun ambing

Ayun ambing- ayun ambing

Diayun-ayun ku samping

Jampéna jampé harupat

Geura géde geura lumpat

Kuruli jampé kuruli

Kuruli jampé pamali

Turunna di gunung puntang

Buru-buru kulem ujan



d.      Kakawihan pikeun protes sosial, mangrupa gambaran protes kana hiji kaayaan dina mangsa eta kakawihan dijieun, misalna : Ayang-ayang Gung, Bolu Bugem, Dengkleung Dengdek, Prangpring, Tong tolang Nangka, Hatiku jang Wawan, jeung Eundeuk-eundeukan Lagoni.



PRANG PRING

Prang pring, prang pring

Salumprang salampring

Sabulu-bulu gading

Si gading ka Sunda perang

Pur kuntul engkang-engkang

Munding ngabongkar kandang

Saluwek sadugel cindel

Heug, heug caringin runtuh

Heug, heug caringin runtuh

Dorokdok gubrag



Prang pring nyaeta kawih kaulinan dipakena ku barudak bari dariuk ngajajar, atawa ngariung bari nyanghunyar. Bari ngawih bincurang ditepakeun. Dina madakeun budak nu ka tepak panungtung kudu mintelkeun sukuna jadi emok.

Dumasar basana, aya nu eusina sagemblengna ngagunakeun basa Sunda jeung aya anu campur jeung basa sejen. Misalna : Punten Mangga, Pupujian, Sri Jendil Adil, Slep Dur, jeung Ula Ulo Kembang.

Dumasar waktu, aya nu tadina sok dikawihkeun beurang atawa peuting, oge aya anu beurang jeung peuting. Contona : Kalonhking jeung Bulan Tok.

Dumasar wangun, teksna aya anu dialog jeung aya anu monolog.

e.       Kakawihan wangun dialog, diantarana : Ambil-ambilan, Baju Beureum, Bolu Bugem, Cir Kupek, Gobang Kalima Gobang, Tong Tolang Nangka, Eundeuk-eundeukan Lagoni, jeung Wek-wek Dor.



CINGCANGKELING

Cingcangkeling

Manuk cingkleng cineten

Plos ka kolong

Bapa Satar buleneng



f.        Kakawihan wangun monolog, diantarana : Aanyaman, Ayang-ayang Gung, Babagongan, Cingcangkeling, Cing Ciripit, Gobang Gocir, jeung sajabana. Dumasar eusi, kakawihan loba nu ngagambarkeun kaayaan masarakat Sunda dina jamanna, mangsa kakawihan diciptakeun[3][4]. Contona : Jung Jae, Ayang-ayang Gung, jeung sajabana.



CING CIRIPIT

Cing ciripit

tulang bajing kacapit

kacapit ku bulu pare

bulu pare seuseukeutna

jol Pa Dalang

mawa wayang, jrek-jrek nong….



g.      Kakawihan wangun paparikan nyaeta anu ngawangunna saperti paparikan; aya cangkang aya eusi. Bedana, unggal padalisanhenteu matok dalapan engang, anu penting asal sasora. Kitu deui jumlah padalisanana dina sapadana. Katembong dina sawatara kakawihan di handap.



HOMPIMPAH

Hompimpah alaikum gambreng,

Ma Ijah make baju rombeng.



PEREPET JENGKOL

Perepet jengkol jajahean,

Kadempet…jejeritan.



TOKECANG

Tokecang tokecang,

Balagendir tosblong.

Angeun kacang angeun kacang,

Sapendil kosong.



TAT TIT TUT

Tat tit tut daun kaliki,

saha nu hitut budak lalaki.

Tat tit tut daun kanyere,

saha nu hitut budak awewe.



h.      Kakawihan laraswekas nyaeta kakawihannu murwakanti engang tungtung, boh dina kecap-kecap dina saungkara boh dina kecap-kecap antar padalisan. Contona:

UCANG-UCANG ANGGE

Ucang-ucang angge

Mulung muncang di papangge

Digogog ku anjing gede

Anjing gede nu Mang Lebe

Ari gog, gog cingungung



i.        Kakawihan margaluyu nyaeta kakawihan anu kecap atawa engang dina tungtung padalisan, dibalikan deui dina awal padalisan, dibalikan deui dina awal padalisan sapandeurieunana. Contona:

BANG KALIMA-LIMA GOBANG

Bang kalmia-lima gobang, bang

Bangkong di tengah sawah, wah

Wahay tukang bajigur, gur

Guru sakola desa, sa

Saban poe ngajar, jar

Jarum paranti ngaput, put

Putrid nu gareulis, lis

Lisung kadua halu, lu

Luhur kapal udara, ra

Ragrag di Jakarta, ta

Taun opat hiji, ji

Haji rek ka Mekah, kah

Kahar tujuh rebu, bu

Buah meunang ngala, la

Lauk meunang nyobek, bek

Beker meunang muter, ter

Terus ka Citapen, pen

Pena gagang kalam, lam

Lampu reujeung dammar, mar

Mari kueh hoho, ho

Hotel pamandangan, ngan

Ngantos Kanjeng Dalem, lem

Lempa-lempi lempong

Ngadu pipi jeung nu ompong



j.        Kakawihan mondoan kawit nyaeta kakawihan anu malikan (mindo) kecap anu sarua dina awal padalisan. Contona:



PUNTEN MANGGA

Punten…, mangga

Ari ga, Gatotgaca

Ari ca, cau ambon

Ari bon, bonteng asak

Ari sak, sakit perut

Ari rut, rujak asem

Ari sem, sempal-sempil

Ari pil, pilem rame

Ari me, maja makan

Ari kan, kantong kosong

Ari song, songsong lampu

Ari pu, puak-paok

Ari wok, wok candewok

Barudak nu rek ulin oray-orayan samemehna silih cekel taktak heula. Nu tukang nyekel taktak nu hareupeunana, jeung saterusna. Geus kitu tuluy maju ka kenca ka katuhu, nepi ka katempona ngaleor siga oray.



CING CIRIPIT

Cing ciripit

tulang bajing kacapit

kacapit ku bulu pare

bulu pare seuseukeutna

jol Pa Dalang

mawa wayang, jrek-jrek nong….



Cing ciripit teh nyaeta kawih paranti milang samemeh ucing-ucingan.



           

C.    Tembang


1.      Wangenan


Tembang nyaeta sora vocal anu wangun iramana bebas teu katali ku pola pupuh atawa sair liana. Nurutkeun Haji Hasan Mustapa, istilah tembang sabenerna lain istilah asli Sunda. Istilah nu aya di Sunda mah nyaéta kawih. Ieu dumasar kana katerangan dina naskah Sunda Siksakanda ng Karesian taun 1518. Istilah tembang téh gelar taun 1962, tina ucapan pujangga Sunda nu jenengan M.A. Salmun. Dina musyawarah Tembang Sunda taun 1962, ngahaja éta istilah téh ditepikeun pikeun kapentingan para-penyiar Bandung sangkan teu nyieun ngaran sora Sunda nu sakahayang hatena dina mangsa siaran. Dina éta musyawarah oge diputuskeun, yén istilah pikeun seni mamaos  nyaéta Cianjuran, sedengkeun istilah pikeun seni sora nu sarupa jeung mamaos nu asalna ti daerah sejen saperti Sumedang, Cirebon, Garut, Ciawi jeung nu séjénna disebut Tembang Sunda.

Tapi dina kahirupan sapopoé, istilah tembang Sunda téh ngan dipaké pikeun Cianjuran Wungkul. Ieu hal lantaran Cianjuran leuwih produktif tur leuwih dipikawanoh ku masyarakat. Sacara umum aya ciri mandiri dina tembang nyaéta teu miboga birama/metrum/ketukan anu tangtu. Tatang Suryana nétélakeun yen kaéndahan jeung irama dina tembang gumantung ka nu nembangkeunanana, boh éksprési, léotan, panjang pondokna. Pon kitu mélodi disusun dina wangun improvisasi.

Contona :

BUBUY BULAN

Bubuy bulan

Bubuy bulan sangria bentang

Panon poe

Panon poe di sasate

Unggal bulan

Unggal bulan abdi teang

Unggal poe

Unggal poe oge hade

Situ ciburuy laukna hese dipancing

Nyeredet hate ningali ngeplak caina

Duuh eta saha nu ngalangkung unggal enjing

Nyeredet hate ningali sorot socana

2.      Tujuan


Tujuan tina tembang nyaeta pikeun nyanjung karuhun urang terutami ka karajaan pajajaran. Ningalikeun kaendahan bumi prianngan. Ngungkapkeun rasa asih urang

3.      Macem-macem Tembang


a.       Tembang cianjuran, nyaeta sesi sora anu digiring ku kacapi, siling jeung rebab. Ditempat kalahiranna nyaeta cianjur.

b.      Mamaos, nyaeta pangembangan tina pantun atawa sisindiran

BAB III
PENUTUP


A.    Kasimpulan


1.      Ngawih nyaeta ngalagukeun kawih atawa sisindiran jeng saterusna iwal ti pupuh. Lirik lagu dina kawih disebut rumpaka.

2.      Tujuan kawih nyaeta diantarana ningkatkeun daya apresiasi seni masyarakat ka kawih sunda kangge ngangkat jati diri sajajar jeung karya seni lainna

3.      Kawih buhun

  1. kawih jaman jepang
  2. kawih wanda anyar

6.      Kiwari kakawihan dihartikeun lagu-lagu nu sok dinyanyikeun ku barudak bari ulin, nepi ka sakapeung sok disebut kakawihan barudak atawa kaulinan barudak. nyebutkeun lagu rahayat, hartina lagu jeung lirikna geus baku, sifatna anonim, jeung nyebar ti jaman baheula.

7.      Tembang nyaeta sora vocal anu wangun iramana bebas katali ku pola pupuh atawa sair liana.

8.      Tujuan tina tembang nyaeta pikeun nyanjung karuhun urang terutami ka karajaan pajajaran. Ningalikeun kaendahan bumi prianngan. Ngungkapkeun rasa asih urang

B.     Saran


Saran kanggo pambaca beh milarian sumber liana nu tiasa masihan kanyaho anu luwesna dui.




Drs. Budi Rahayu Tamsyah, Spk, PANGAJARAN SASTRA SUNDA Pikeun SD, SLTP, SMU, jueung Umum, Pustaka Setia.


Rachmat Taufiq Hidayat, Drs. Dingding Haerudin,M.Pd, Drs. Teddt A.N. Muhtadin, Darpan, S.Pd, Ali Sastramidjaja, PEPERINIAN URANG SUNDA, Kiblat.


Drs. Yayat Sudaryat , M. Hum WARUGA BASA PANGAJARAN BASA SUNDA PIKEUN MURID SMA/SMK/MA KELAS XI. 2006. Bandung : CV. KARYA IPTEK BANDUNG.






Salam Hangat by:

Blogroll

About

About

Cat Paw